TUMARITIS DI LOCKDOWN

Rekaan: Ruddy AS

SIRINE ngaheang. Para punggawa rajeg di pawatesan Desa Tumaritis. Rahayat Tumaritis teu meunang kaluar ti masing-masing imahna. Jalma anu rek bubuara ka Tumaritis oge teu meunang asup. Si Cepot jeung adi-adina anu rek balik ka imahna, wayahna kudu ngampar di pawatesan jalan.

“ Apan uing mah rek balik ka imah,” ceuk Si Cepot ka Kang Deden Sukmayadi, pupuhu Punggawa.

“ Hes, teu bisa, naha atuh make gadag-gidig wae,” ceuk Kang Deden.

“ Har, pan uing teh jalma hirup kudu neangan kahirupan,” ceuk Si Cepot.

Kang Deden molotot.

“ Bangun hayang dilebok  Engko Rona, leuheung lamun sosoranganan, kumaha lamun mamawa batur,” ceuk Kang Deden deui.

Si Dewala nyereng ka Si Cepot.

“ Aka, kawas anu teu nyaho, ieu desa urang keur genting, ayeuna teh keur diloklok dowen. Hartina, teu meunang aya jalma kaluar atawa asup ka desa urang,” ceuk Si Dewala.

“ Naha ?” ceuk Si Cepot.

“ Bisi aya Engko Rona asup ka lembur urang. Jeung lamun urang lembur kaluar, bisi papanggih jeung Si Engko Rona anu awakna rimbil ku virus cocodot,” ceuk Si Dewala.

Teu kanyahoan tianggalna ujug-ujug aya aki-aki uluk salam.

“ Acayamu ayakikung,” ceuk empe-empe katurunan Cina.

Kang Deden curinghak.

“ Saha anjeun ?, rek naon jigjigan kadieu !,” ceuk Kang Deden bari ngulang-ngulang iteuk kumendan anu dijieuna tina karet urut ban beca.

“ Hehehe, owe utusan ti Laja Rona, ngaran owe Engko Rona,” ceuk eta empe-empe.

Kang Deden ngagorowok.

“ Sing jarauh, kade ulah ngadeukeutan jurig Rona….!” ceuk Kang Deden.

Engko Rona ngagakgak seuri.

“ Owe teu pelelu ku jalma laleutik model kieu, owe mah pelelu ku bangsa paldana manteli, manteli-manteli , bupati jeung wawakilna, jalma kieu mah moal neulak ku julig lona,” ceuk Enko Rona.

Heang sirene disada. Reg mobil pamadan kahuruan datang. Sebrot Engko Rona disemprot ku cai campur jeung hitut. Engko Rona ribug.

“ Balangwir mah palagi nyebelot kahuluan atuh, lain nyebelot Owe, sugan gilo malaneh teh,” ceuk Engkong Rona bari ohek-ohekan batuk.

Si Cepot emprak.

“ Hakan tah Engko, desa uing mah geus siap

ngabarantas jurig Corona,” ceuk Si Cepot.

Engko Rona indit kanu bala.

“ Dasay cibeleug,  jalma lada gelo,” ceuk Engko Rona bari terus ngaleungit jadi haseup.

Jalan ka Tumaritis dibuka deui.

“ Mangga Kang Cepot, ayeuna ma Tumaritis bebas Corona,” ceuk Kang Deden.

Rahayat Tumaritis surak bari mapag Si Cepot. Disangkana Si Cepot anu geus bisa ngusir Engko Rona.

“ Lain ku dewek, Engkong Rona sieun ku blanwir,” ceuk Si Cepot.

Tapi sok sanajan kitu angger Si Cepot anu dianggap pahlawan kurahayat kampungna.

Malahan aya spanduk dipasang “ Hidup Cepot, pahlawan anti Engko Rona,” kitu eta tulisan spanduk anu make gambar Si Cepot keur nagog.***