
WARTAPARAHYANGAN.COM
BANDUNG – Kepala Dinas Parawisata dan Kebudayaan Kab. Bandung H. Yosep Nugraha SH., M.Ip., nyebutkeun, Disparbud saban taun ngagendakeun Pasanggiri Tembang Sunda, Pasangiri Degung, jeung Biantara Basa Sunda.
Event kasabit diayakeun sabagè tarèkah miara seni jeung budaya Sunda. “Sajaba event kasabit, taun ieu bakal nyieun aplikasi digital Diajar Basa Sunda jeung pendokumentasian seni pupuh,” ceuk Yosep ka wartawan, sawatara waktu kaliwat.
Yosep ngajelaskeun, di satengahing pandemi Covid-19, pihakna nyieun program inovatif sangkan tetep bisa lumangsung, jeung aman tina aspek Prokes. Ieu ditandeskeun deui ku Kepala Bidang Kebudayaan, Dr. H. Aten Sonadi S.Sos., M.Si., Ngeunaan tarèkah miara jeung ngamumulè basa Sunda, di satengahing covid- 19, ceuk Aten, pihakna keur nyieun program digital.

H. Yosep Nugraha SH., M.Ip.
“Di satengahing Covid-19, Disparbud ngadamel program kanggo masyarakat umum sareng murangkalih sakola ngararancang program diajar basa Sunda sacara digital,” pokna.
Ketua Dewan Kebudayaan Kabupaten Bandung (DKKB) Dian Hendrayana mertèlakeun, Peran DKKB dina miara basa Sunda di Kabupaten Bandung diantarana: nepikeun materi diskusi naon ari tembang tèh, tembang sunda, kawih Cianjuran, jeung kawih-kawih sèjènna.
Sajaba ti kitu, ogè ngayakeun workshop ngeunaan tembang buhun patali jeung materi tembang sakumaha nu aya dina kurikulum di sakola, ngarojong kagiatan Pasanggiri Tembang (pupuh) diantara guru-guru SD sa-Kabupaten Bandung. Patali jeung nyieun aplikasi digital nu dilakukeun ku Diparbud, Dian ngaenyakeun ieu minangka inovasi tarékah miara basa Sunda.
“Leres, danget ieu DKKB nuju ngeureuyeuh mateakeun materi pangajaran basa Sunda digital kanggo kaperyogian atiakn di sakola. Eta materi basa Sunda teh tiasa diakses ngalangkungan handphone, utamina dina ngungkulan pasualan diajar ngalangkungan daring. Ieu kagiatan gawe bareng sareng salah sawios vendor nu tiasa ngokolakeun dina urusan IT (teknologi) kanggo ngadamel system (aplikasi) nu matak ngirut kanggo murangkalih sakola, ngalangkungan animasi anu lucu, sareng game anu matak pipanasaraneun.
Lintang ti eta, DKKB ge nuju ngeureuyeuh ngadamel materi tembang buhun kanggo bahan pangajaran di sakola, utamina mah anu aya patalina sareng tema Kabupaten Bandung. Janten, dina konten tembang tèh ngamuat mangpirang informasi ngeunaan potensi Bandung, utamina anu ageung pakaitna sareng unsur-unsur materi nu aya dina undang-undang pemajuan kebudayaan, kayaning foklor, situs, sejarah, ilmu pengetahuan, teknologi, cagar budaya, sareng sajabina.”
Lily Setiadarma
