KOKOLOT MAHKAMAH KUNYUK NGENYOT KUCUBUNG

Rekaan Ruddy AS

WARTAPARAHYANGAN.COM

KOKOLOT Mahkamah Kunyuk (K-MK), Ki Cakil, lieur nalika keur nyidangkeun Kombayana anu keur parasea jeung Bahureksa soal PILKALUR di Kota Jarian, bawahan Karajaan Astina Pura. Kulantaran kabeukina, sanajan geus puguh lieur oge, nyot deui-nyot deui, Ki Cakil ngenyot kucubung linting.

“ Dupi ama hoyong meunang?, lumayan jadi lurah, loba pangasilanana tina panen,” ceuk KI Cakil bari peupeureuman.

“ Numatak ama ngadu ka aden oge, urusan ama ieu hayang meunang. Maenya ama kudu eleh ku barangbang semplak siga Si Bahureksa,” ceuk Komabayana.

“Aya setoranana ama?” Ki Cakil mencrong ka Kombayana siga anu teu percayaeun boga duit.

“ Hayang sabaraha ? Duit mah loba. Percumah ama ngajual pamajikan tilu losin lamun teu boga duit mah,” ceuk Kombayana nangtangan.

“ Anteurkeun ka imah,” ceuk Ki Cakil bari balideug.

Si Cepot mangul karung tarigu anu eusina duit pihapean ti Kombayana. Sanggeus nepi ka lawang panto imah Ki Cakil, nyampak Gatot Kaca keur ngajega di lawang.

“ Bareng jeung kawula Pot,” ceuk Gatot Kaca.

Si Cepot rungah-ringeuh. Manehna sieuneun dicarekan ku Ki Cakil lantaran bareng jeung Gatot Kaca.

Kakarek ge Ki Cakil muka panto imahna, kerewek Gatot Kaca nangkep Ki Cakil.

“ Kaperego ku kawula, anjeun narima duit suap,” ceuk Gatot Kaca bari asup ka kamar Ki Cakil. Dina meja Ki Cakil aya tilu linting kucubung, salah sahijina sesa ngenyot.

“ Meureun moal bener kaputusan sidangna ari bari ngenyot kucubung mah. Jeung deui, mabok kucubung di ieu nagara dilarang pisan” ceuk Gatot Kaca.

“ Lain keur mabok kaca, teuing urut saha “ ceuk Ki Cakil.

“ Geus bukti urut andika, saha jalmana anu wani asup ka kamar andika,” ceuk Gatot Kaca deui.

Sanggeus dipariksa, kuku, buuk jeung  cikompol Ki Akil, tetela teu ngandung kucubung. Tapi barang dipariksa tapak biwirna, tetela masih keneh aya urut kucubung napel dina biwirna.

Gatot Kaca laporan ka Prabu Duryudana sanggeus ngaberok Ki Akil.

“ Tetela, salain ti narima duit suap, Ki Akil mabok kucubung. Jadi salila nyidangkeun anu keur balewat tangan teh, putusan Ki Akil euweuh nu beres. Ku Kituna Ki Akil kudu dihukum picis“ ceuk Gatot Kaca.

Prabu Duryudana nutupan bengeutna ku ayakan.

“ Kaca, era kawula teh ku rahayat jeung ku nagara batur. Si Akil siga anu mopokan tai ka aing teh. Padahal, ku aing karek tilu bulan dilantik jadi pupuhu, sigana mah ti beh dituna we meureun si Kunyuk Cakil teh  gelona,” ceuk Prabu Duryudana.

 “ Asal ulah urang we atuh Kakang Prabu,” ceuk Gatot Kaca siga anu ngupahan.

“ Nyaeta atuh Kaca,  sigana mah rahayat nyalindiran we ka kaula teh. Tina bag-bagan soal duit Cep Turi, bag-bagan Gunung Hambalang  rahayat nyarangka, kawula anu nagur tur kabagean ladang rampoganana,” ceuk Prabu Duryudana.

“ Eta mah raraosan we panginten,” ceuk Gatot Gaca deui.

“ Lain wungkul rarasaan Kaca, geus puguh kawula direndengkeun jeung Bunda Putri, gambar lopian anu ditulis ku kaula di uar-uar. Beu, Kaca, geus asa euweuh hargana kawula teh,” curucud cimata Prabu Duryudana maruragan kana kumisna. Si Cepot ngaharewos ka Gatot Kaca.

“ Kangjeng Raja umbelan, piwarang susut Gan, ngewa,” ceuk Si Cepot.

Gatot Kaca molotot ka Si Cepot.

“ Antep we engke oge karasaeun. Naha atuh make hayang dua kali jadi raja, padahal sakali oge seubeuh” ceuk Gatot Kaca.

“ Geura eurad beuheungna Si Cakil teh , Kaca, gusur ka leuweung, parabkeun ka monyet,” ceuk Prabu Duryudana.

“ Moal kersaeun nuang monyet mah, sun,”

“ Naha ?”

“ Rupina, sami sareng bohong. Monyet mah atuh baladna pisan,” ceuk Gatot Kaca.

“ Parabkeun ka Buhaya atuh !”

“ Wargina pisan buhaya mah,”

“ Parabkeun kana naon atuh …..?”

“ Sae diangon bae, Sun, lumayan rame dongengna. Seueur anu masang iklan,”  ceuk Gatot Kaca baro ngajak Si Cepot mulang ka Pandawa. *)KI CAKIL NGENYOT KUCUBUNG

Katua Mahkamah Kunyuk, Ki Cakil, lieur nalika keur nyidangkeun Kombayana anu keur parasea jeung Bahureksa soal PILKALUR di Kota Jarian, bawahan Karajaan Astina Pura. Kulantaran kabeukina, sanajan geus puguh lieur oge, nyot deui-nyot deui, Ki Cakil ngenyot kucubung linting.

“ Dupi ama hoyong meunang?, lumayan jadi lurah, loba pangasilanana tina panen,” ceuk KI Cakil bari peupeureuman.

“ Numatak ama ngadu ka aden oge, urusan ama ieu hayang meunang. Maenya ama kudu eleh ku barangbang semplak siga Si Bahureksa,” ceuk Komabayana.

“Aya setoranana ama?” Ki Cakil mencrong ka Kombayana siga anu teu percayaeun boga duit.

“ Hayang sabaraha ? Duit mah loba. Percumah ama ngajual pamajikan tilu losin lamun teu boga duit mah,” ceuk Kombayana nangtangan.

“ Anteurkeun ka imah,” ceuk Ki Cakil bari balideug.

Si Cepot mangul karung tarigu anu eusina duit pihapean ti Kombayana. Sanggeus nepi ka lawang panto imah Ki Cakil, nyampak Gatot Kaca keur ngajega di lawang.

“ Bareng jeung kawula Pot,” ceuk Gatot Kaca.

Si Cepot rungah-ringeuh. Manehna sieuneun dicarekan ku Ki Cakil lantaran bareng jeung Gatot Kaca.

Kakarek ge Ki Cakil muka panto imahna, kerewek Gatot Kaca nangkep Ki Cakil.

“ Kaperego ku kawula, anjeun narima duit suap,” ceuk Gatot Kaca bari asup ka kamar Ki Cakil. Dina meja Ki Cakil aya tilu linting kucubung, salah sahijina sesa ngenyot.

“ Meureun moal bener kaputusan sidangna ari bari ngenyot kucubung mah. Jeung deui, mabok kucubung di ieu nagara dilarang pisan” ceuk Gatot Kaca.

“ Lain keur mabok kaca, teuing urut saha “ ceuk Ki Cakil.

“ Geus bukti urut andika, saha jalmana anu wani asup ka kamar andika,” ceuk Gatot Kaca deui.

Sanggeus dipariksa, kuku, buuk jeung  cikompol Ki Akil, tetela teu ngandung kucubung. Tapi barang dipariksa tapak biwirna, tetela masih keneh aya urut kucubung napel dina biwirna.

Gatot Kaca laporan ka Prabu Duryudana sanggeus ngaberok Ki Akil.

“ Tetela, salain ti narima duit suap, Ki Akil mabok kucubung. Jadi salila nyidangkeun anu keur balewat tangan teh, putusan Ki Akil euweuh nu beres. Ku Kituna Ki Akil kudu dihukum picis“ ceuk Gatot Kaca.

Prabu Duryudana nutupan bengeutna ku ayakan.

“ Kaca, era kawula teh ku rahayat jeung ku nagara batur. Si Akil siga anu mopokan tai ka aing teh. Padahal, ku aing karek tilu bulan dilantik jadi pupuhu, sigana mah ti beh dituna we meureun si Kunyuk Cakil teh  gelona,” ceuk Prabu Duryudana.

 “ Asal ulah urang we atuh Kakang Prabu,” ceuk Gatot Kaca siga anu ngupahan.

“ Nyaeta atuh Kaca,  sigana mah rahayat nyalindiran we ka kaula teh. Tina bag-bagan soal duit Cep Turi, bag-bagan Gunung Hambalang  rahayat nyarangka, kawula anu nagur tur kabagean ladang rampoganana,” ceuk Prabu Duryudana.

“ Eta mah raraosan we panginten,” ceuk Gatot Gaca deui.

“ Lain wungkul rarasaan Kaca, geus puguh kawula direndengkeun jeung Bunda Putri, gambar lopian anu ditulis ku kaula di uar-uar. Beu, Kaca, geus asa euweuh hargana kawula teh,” curucud cimata Prabu Duryudana maruragan kana kumisna. Si Cepot ngaharewos ka Gatot Kaca.

“ Kangjeng Raja umbelan, piwarang susut Gan, ngewa,” ceuk Si Cepot.

Gatot Kaca molotot ka Si Cepot.

“ Antep we engke oge karasaeun. Naha atuh make hayang dua kali jadi raja, padahal sakali oge seubeuh” ceuk Gatot Kaca.

“ Geura eurad beuheungna Si Cakil teh , Kaca, gusur ka leuweung, parabkeun ka monyet,” ceuk Prabu Duryudana.

“ Moal kersaeun nuang monyet mah, sun,”

“ Naha ?”

“ Rupina, sami sareng bohong. Monyet mah atuh baladna pisan,” ceuk Gatot Kaca.

“ Parabkeun ka Buhaya atuh !”

“ Wargina pisan buhaya mah,”

“ Parabkeun kana naon atuh …..?”

“ Sae diangon bae, Sun, lumayan rame dongengna. Seueur anu masang iklan,”  ceuk Gatot Kaca baro ngajak Si Cepot mulang ka Pandawa. *)