TIMSES MENTA DUIIIIIT!

Rekaan Ruddy AS


DI JAMAN Pilkada ayeuna beda jeung keur jaman Jepang baheula. Keur jaman Jepang mah dimana aya kapal udara liwat, barudak ngaracungkeun lengeun bari pating gorowok “ Kapal menta duiiiiit !” cenah. Ayeuna mah lain saukur barudak tapi ema-ema  ngarudag mobil anu aya gambar calonan.

“ Timses menta duiiiiiit !” cenah.
Nu matak, ka pilemburan mah langka aya Timses ngaliwat, sabab sieuneun jadi bulan-bulanan ema-ema.
“ Pan dewek mah kader Pot, jadi tara menta dibahanan duit ku calon teh, da gawena oge ku hate,” Ceuk Burisrawa ka Si Cepot anu keur namprakeun dampal leungeuna.
“ Leumpang ku hate, nyatu ke ku hate ari kitu mah,” ceuk Si Cepot.
“ Ku suku ari lempang mah da hate mah teu ramoan Kuya. Ari nyatu mah angger we ku kejo, lamun mangih eta ge,” ceuk Burisrawa bari nyarande kana tangkal caringin.
Ti kajauhan kurunyung ema-ema dipingpin ku Sutiragen, indungna Si Cepot.
“ Kabeneran aya Timses,” ceuk Sutiragen.
“ Ceuk saha “ ceuk Burisrawa bari mundur.
“ Geuning eta make kaos jeung jaket gambar calon ?” ceuk Sutiragen deui.
“ Lain ieu mah, kaos maen bal ngan make sponsor,” tembal Burisrawa deui.
Si Cepot ngadeukeutan indungna.
“ Aya naon ema ?” cenah.
“ Boro ema geus ngumpulkeun balad, cenah ayeuna rek dibagi tiung, kalah norojol Tim Munding, lain Timses,” tembal Sutiragen.
“ KTP dikumpulkeun jeung KK ku  Haji Pudin cenah rek dibagi tiung jeung omprengan, mana tiungna !” ceuk Wa Iroh bari jamotrot.
Burisrawa ngalieuk ka Si Cepot.
“ Kumaha ari geus kieu Pot ?” ceuk Burisrawa.
“ Tamahana make tipopolotot jadi Timses. Jualan we kadinyah batu ali jeung jaket kampanyena,” tembal Si Cepot.
“ Laku kitu ?”
“ Laku, tukeuran we ku jukut dua gurandileun, bagikeun jukutna ka ema ema,” tembal Si Cepot.
Torojol Si Dewala keur nanggung sundung pinuh ku jukut.
“ Tukeuran batu ali jeung jeket dewek ku jukut Wala,” ceuk Burisrawa.
Bru jukut ditambrukeun ku Si Dewala. Kop ali jeung jaket anu diasongkeun ku Burisrawa di cokot.
Burisrawa ngabagikeun jukut ka ema-ema.
“ Kawas ka domba ka aing teh !” ceuk ema-ema bari nimpugan Burisrawa ku tai domba.
Si Cepot seuri sorangan.
“ Heuheuy… tidituna mah asa gagah jadi Timses,” ceuk Si Cepot bari ngahaleuang.
“ Ya nana ya nana nana Kang Herman keur Bupatina. Ya nana ya nana nana Kang Emul eukeur wakilna. Ya nana ya nana nana pulitikna teu make  mahar. Ya nana ya nana nana asal cukup barang dahar,” kitu laguna teh. *)