Beja Ti Kahyangan (5)

Ajengan Jeung Nu Edan — Ruddy AS

Anu anehna, eta kajadian di dua tempat, ajengan ditandasa jalma edan nepika tiwasna, nepi ka kiwari can kapanggih alang ujurna. Anu jadi kaheran urang Pandawa, asa tara aya tibaheula oge jalma edan maehan ajengan. Paling oge, manehna nangkarak bengkang sisi jalan bari taranjang.

“ Aya jalma leuwih edan anu ngajujurung jalma edan nitah maehan ajengan,” kitu Ceuk Prabu Baladewa ka Lurah Semar.

“ Namung, kumaha ngabuktoskeunana Kakang Prabu, margi jalma edan mah moal bisa dipenta kateranganana. Saupamina anjeuna nerangkeun, eta kateranganana teu acan puguh syah numutkeun hukum,” ceuk Lurah Semar.
Prabu Baladewa unggut-unggutan.

“ Kudu lihay we pulisina. Kumaha engke lamun aya anu gelo dititah nandasa kumendan pulisi nepi ka hoos koot, rek cukup wae ku komentar, anu nandasana jalma edan ?” ceuk Prabu Baladewa.

Sigana wae, aya jalma edan eling anu dimangpaatkeun pikeun numpes pamingpin agama. Sangkan ieu nagara anu keur aman jadi runtag balilahan.
“ Riweuh lamun enggeus pasea idolohi komo agama mah, bakal ancur ieu nagara,” kitu ceuk Lurah Semar.
“ Numatak kudu dijaga kusararea,” Ceuk Prabu Baladewa.
“ Kumaha ngajagana kira-kirana, Kakang Prabu.” Ceuk Lurah Semar.
Prabu Baladewa mikir.
“ Sigana kudu kuhate, teu cukup ku pikiran,”
Lurah Semar unggut-unggutan. Anakna, Si Cepot, anu titatadi ngabandungan pok nyarita.
“ Kuhate Gan Prabu,?. Hate munding, hate sapi atawa hate hayam. Kasaha nyuguhkeunana, ?” ceuk Si Cepot.
Prabu Baladewa nulak cangkeng.
“ Kuhate sia Pot,” cenah.
“ Panginten teh ku hade sapi atanapi kuhate munding bari dibarengan nyundut menyan dina parukuyan. “ ceuk Si Cepot.
“ Eta mah ngukusan Jurig Kolor Hejo atuh Pot. Heueuh, baheula mah anu ngageunjleungkeun teh Kolor Hejo apan ayeuna mah Nu Gelo Hejo,” ceuk Lurah Semar.
Jlig Gatot Kaca turun ti langit.
“ Pot hayu urang ngaronda, bisi aya jalma edan maehan Raja Pandawa,” ceuk Gatot Kaca bari ngagandong Si Cepot.
“ Gan, nugelo teh sina ngabasmi Narkoba, Pareman, Geng Motor, Germo, Koroptor da anu gelo mah moal bisa dihukum jeung omonganana oge moal bisa digugu ku Pulisi, komo ku hakim mah,” ceuk Si Cepot.
“ Hade tah pikiran teh, tinimbang nandasa ajengan,” ceuk Gatot Kaca bari nutug ka bumi rek neangan anu gelo. *)