Beja Ti Kahyangan (7)

LAIN AMPAU GONG XI FA CHAI IEU MAH

KARYA: RDDY AS

BAHEULA, keur Si Engko-Engko can karoret, lamun keur usum Gong Xi Fa Chai sok aya engko-engko jeung aci-aci mapayan lembur. Maranehna ngabagikeun amplop pulas beureum ka barudak. Malahan, barudak sok arulin ka kelenteng, ngantri ampau. Sigana mah, jaman kiwari geus beda jaman, anu dianteuran ampau teh jalma beunghar, teuing pajabat mah.

“ Gratifikasi Pot, ampau teh keur pajabat mah, “ ceuk Gatot Kaca ka Si Cepot.

Si Engko kuram kireum.

“ Lain galafitasi, owe mah, mere we sidaqoh, bali nitip dili cangcang badan ka pala pajabat, DPL jeung kamanan owe mah,” ceuk Si Engko.

Kulantaran Gatot Kaca salaku Kumendan Kaamanan Pandawa embung narima. Si Cepot nyolongkrong.

“ Kadieu ka owe keun da kumendan mah moal daekeun narima, sieuneun ditangkep kokod ku KPK atawa Brigade Anti Pungli,” ceuk Si Cepot.

“ Kang Epot ngajamin kaamanan Owe ?” ceuk Si Engko.

“ Beres, na ari Engko dagang naon karah ?” ceuk Si Cepot.

Si Engko ngaharewos.

“ Oplosan Kang, hehehehe, kapeung dumolit,” tembal Si Engko.

“ Paduli lah rek dagang jurig oge, kadieukeun we amplopna,” ceuk Si Cepot.

Si Engko ngaluarkeun ampauna, kerewek amplopna disoehkeun. Duitna dicokot deui sawareh. Sesana dibikeun ka Si Cepot.

“ Naha geuning bet dicokot deui Ko ?” ceuk Si Cepot.

“ Pan Akang Epot mah jalma alit, ampauna kudu alit deui, ari gede teuing mah bisi Akang kabeuleuyan,” ceuk Si Engko.

“ Har, lain kitu, kabeh we duitna mah, apan ieu mah lain keur owe, Ko, engke ku Owe eta ampau dibikeun ka dunungan owe, Raden Gatot Kaca. “ ceuk Si Cepot.

Si Engko meletet.

“ Ah, teu pelcaya owe mah. Geus mindeng loba jelema ngaku-ngaku keul dunungan. Malahan aya anu lek nyieun palumahan ngajual dununganana, Cenah, ieu palumahan teh anu Kapala Punggawa Pandawa. Padahal, anu lek ngawanguna mah Owe, hehehehe,” ceuk Si Engko.

Si Cepot molotot.

“ Bangun hayang ngasaan amisna bedog petok !” ceuk Si Cepot bari nyabak gagang bedog petokna.

“ Ampun Kang, ampun, na ti ilaha Akang jadi paleman ?” ceuk Si Engko.

“ Lah, jalma sopan mah susah barang hakan jaman kiwari mah, nagih hutang oge lamun teu mawa kampak mah tara hasil,” ceuk Si Cepot.

Si Engko eleh deet. Kapaksa mikeun duit sakabehna.

“ Tah kitu, aman Ko. Jaga kesatuan dan persatuan sasama bangsa urang,” ceuk Si Cepot.

Si Engko ngahuleng.

“ Ngajaga persatuanana ku ampau nya Kang ?” cenah.

“ Nya heueuh, maenya ku leho !” tembal Si Cepot bari ngingkig.

Si Engko ngagorowok.

“ Kang Epot entong nganggu poloyek owe nya !” ceuk Si Engko.

“ Na proyek naon Ko ?” ceuk Si Cepot.

“ Proyek KTP Elekdut Kang !” tembal Si Engko.

Si Cepot api-api teu ngadenge. Pikirna, paingan ampauna rada kandel da sihoreng teh lain ampau Gong Xi fa Chai, ieu mah ampau proyek KTP Elekdut. *)