BEJA TI KAHYANGAN (8)

AMPLOP EUWEUH KOROPSI MACEUH

Karya: Ruddy AS

 

“Gung….Gong …!” Aswatama nakol goong anu nandakeun Karajaan Astina Pura ngayakeun pangumuman ka rahayatna. Bring rahayat daratang, nyalampeurkeun ka Aswatama. Serelek gulungan kertas pangumuman dibukakeun.

“ Pangumuman, sakabeh rahayat Astina teu meunang narima amplop anu eusina duit sanajan saketip ti para calon Gupernur anu keur kampanye. Calon Gupernur teu meunang mere duit ka rahayat pikeun meuli sora sababna isuk pageto manehna bakal koropsi keur ngagantian eta duit. Saha bae anu teu malire kana ieu pangumuman bakal dihukum pancung atawa ruang kerepes,” kitu eusi pangumuman anu dibaca ku Aswatama.

Si Cepot ngacung.

“ Lamun teu make amplop, duit wungkul, kumaha tah ?” ceuk Si Cepot.

Aswatama ngaharewos ka Si Cepot.

“ Meunang kitu mah,” cenah.

“ Lamun amplop wungkul euweuh duitan ?” ceuk Si Cepot deui.

“ Meunang kitu oge. Kumpulkeun we amplopna, geus loba jual kawarung, sok aya ibu-ibu anu butuheun keur nyambungan,” tembal Aswatama.

Si Dewala ngacung.

“ Lamun anu mere amplopna sadus, lamun ngan hiji tur geus lepet, na keur naon,” ceuk Si Dewala.

Patih Sangkuni beungeutna ngariut. Manehna mencetan tarang siga anu kabingungan.

“ Jurig teh boro uing geus ngaborong amplop langsung ka pabrikna. “ ceuk Patih Sangkuni.

“ Na keur naon Kuni ?” ceuk Lurah Semar.

“ Pesenan ti Calon Gubernur Astina, Kang Baladewa anu disingket BADE, jaba can dibayar deuih,” ceuk Patih Sangkuni.

Bring aya barudak ngaleut bari pating gorowok.

“ Colok BADE, colok BADE,” cenah, bari ngacung-ngacungkeun gambar Baladewa keur manggulan karung berak.

“ Na tiiraha Baladewa jadi tukang panggul ?” ceuk Si Cepot.

Lurah Semar nyarita.

“ Hartina rek ngangkat darajat kaum tani,” ceuk Lurah Semar.

Si Cepot nyengir.

“ Anu jelas mah ngangkat karung we, eta nepika moyongkod kitu,” tembal Si Cepot.

Barudak salusurakan .

“ Euweuh duitan, euweuh duitan !” cenah.

“ Najeeem, euweuh duitan mah. Kajeun nyolok Nyi Epon we tengah peuting,” ceuk Si Gareng.

Si Dewala gigideg.

“ Rek iraha deui atuh rahayat panenna. Aya duitan euweuh duitan, kurupsi mah jalan terus. Beunang soteh ku KPK anu kapanggih, anu jago nyumputna mah lapur we,” ceuk Si Dewala.

Prabakesah, pareman kampung, ngabarakatak.

“ Bener nyarita teh Wala, hirup aing sangsara euweuh anu kurupsi mah. Na timana atuh pajabat mere ka aing. Maenya mere duit kaamanan tina gajih manehna. Lantaran gajih manehna mah geus digaradekeun ka Bank. “ ceuk Prabakesah bari nulak cangkeng.

Lurah Semar gogodeg.

“ Lamun kampanye ku duit, kade anu kapilih siga Aki Donat Entrum, jalma pikun jadi Raja, antukna riweuh sarerea,” ceuk Lurah Semar bari ngaleos rek ngored di buruan imahna. *)