BEJA TI KAHYANGAN (9)

NEANGAN WAKIL RAJA

RUDDY AS

Prabu Duryudana geus beak jabatanana salaku Raja Astina. Dumasar hasil irongan ti para ahli pulitik Astina, Prabu Duryudana bisa mancen tugas kadua kalina. Kiwari, Sang Prabu keur ngileng-ngileng, saha pijalmaeunana anu kudu dipilih jadi Wakilna.
“ Pilih bae ku nyalira, Rayi Duryudana,” ceuk Batara Kresna nalika dimenta nasehat ku Kangjeng Raja.
“ Numawi, kedah sapuk sareng balarea panginten ?,” ceuk Duryudana.
“ Teu kudu supak-sapuk, komo deui supak-sepak mah. Estuning eta mah hak ayi nyalira, salaku Raja.” Tembal Batara Kresna.
“ Manawi gaduh bongbolongan ?” ceuk Duryudana deui.
Batara Kresna peureum sakeudeung. Sanggeus bray panonna beunta, pok nyarita.
“ Kahiji ulah anu leuwih pinter ti Ayi, kaduana ulah anu leuwih ngora ti Ayi, lamun bisa mah aki-aki anu geus teu pati totoroso. Katiluna ulah tatangga sabab anu milih lain ngan ukur saguliwek tapi sanagara.” Tembal Batara Kresna.
“ Timbalan, Kakang Batara, Kahartos,” ceuk Raja Duryudana.
“ Komo anu ngosol-ngosolkeun maneh mah, matak pibahayaeun,” ceuk Batara Kresna deui.
“ Margi ?”
“ Bisi ngaranjah, nulang nonggong, kurang mahabah, matak piriweuheun apan anu kitu mah,” tembal Batara Kresna.
Rahayat Astina Pura anu keur ngabandungan ketak raja, pikeun nangtukeun wakilna marilu mikiran. Nyakitu deui Si Cepot jeung bapana, Lurah Semar.
“ Aya jalma anu leuwih kolot, lain tatangga, pidatona capetang tapi embungeun diosol-osol jadi Wakil Raja,” ceuk Si Cepot Ka Bapana.
“ Nyaho Bapa oge, Jang, eta katurunan Batara Suryapala. Jalma dedeg bari jeung godegan, panonna rada sipit tapi sorana capeteng,” ceuk Lurah Semar.
“ Sanes Kang Yadi ?” ceuk Si Cepot.
“ Siga ari godegna mah,” tembal Lurah Semar.
Lurah Semar jeung anak-anakna manggihan Raja Duryudana.
“ Kumaha pangemut Uwa ?” ceuk Kangjeng Raja.
“ Saena mah meuningan milih anu embung diosol-osol tapi mahabah ka salira, Raden,” ceuk Lurah Semar.
Si Cepot mairan.
“ Sanes tatangga, langkung kolot malahan geus rek aki-aki, pidatona gagah bari godegan,” ceuk Si Cepot.
“ Ngartos…..ngartos. Kumaha lamun embungeun Pot ?” ceuk Kangjeng Raja.
“ Wios alimeun mah, gentos we ku abdi, hehehe,” ceuk Si Cepot.
Lurah Semar nyigeung Si Cepot.
“ Tong bari heutreuy, anu dihareupan ku urang teh Raja,” ceuk Lurah Semar.
“ Atuda bangun rada belet, nangtukeun wakl oge make jeung nanya kaitu-kadieu,” ceuk Si Cepot.
“ Bakuna, kitu gayana gegeden urang mah, bari dina pesakna geus bogaeun pilihan,” ceuk Lurah Semar.
Si Cepot manyun.
“ Karunya atuh kanu hayangeun. Boro mah geus boborot sosialisasi kamana-mendi. Kari-kari teu kapilih,” ceuk Si Cepot.
Raja Duryudana malik ka Lurah Semar.
“ Tah, kinten kumaha Uwa Semar, saupamina teu kersaeun jadi wakil kaula ?” ceuk Prabu Duryudana.
“ Moal teu kersaeun saupamina dipancenan tugas ku salira salaku Raja. Alim nyalon soteh eta mah mung saukur teori supados teu katangen ambisina,” tembal Lurah Semar.
Si Cepot nyarita deui.
“ Gunakeun kakawasaan, tutunjuk paduka mah sakti. Saha jalmi anu alimeun janten wawakil raja, malah kuring oge….” Ceuk Si Cepot teu kebat.
“ Daek…. Kitu lain ? Ngeunteung heula atuh Jang. Tong boro ujang, Profesor jeung para jendral oge daekeun. “ ceuk Lurah Semar.
Raja Duryudana unggut-unggutan.
“ Keun urang istikhorohan heula Uwa,” cenah bari ngaleos ka kaputren, tunduheun. *)