ELIT KURAWA MALING, KA NARAKA KABEH
RUDDY AS
Sigana mah, Aswatama teu kabagean Proyek, komo anu gede, teu PL-PL acan. Manehna nangtung dina batu gede. Curukna acung-acungan.
“ Sakabeh elit Kurawa, boh pajabat, agama jeung derigamana, boh DPR, Hakim, Pagawe panjara jeung sajabana, bangsat jeung maling wungkul, kabeh calon seuneu naraka !” ceuk Aswatama, sorana awong-awongan.
Sanggeus rengse pidatona, Batara Kresna nyampeurkeun.
“ Asa teu lucu pidato teh, Tama. “ ceuk Batara Kresna.
“ Kudu disalametkeun ieu nagara geus ruksak pisan,” ceuk Aswatama.
“ Kucara goreng panyangka, awong-awongan nyangka batur ahli naraka. Asa ku teu adil Tama,” ceuk Batara Kresna.
“ Maksud ?” Aswatama ngadelek.
“ Barang anu can puguh jalma anu dituding ku andika bakal jadi ahli naraka. Satungtung manusa ngabogaan iman ka pangeran, sanajan leuwih leutik batan siki sawi atawa nepika jadi kekebul. Lamun dina tungtung sakaratna aya keneh iman, nyebut asmana Gusti Allah, nya moal nepika jadi ahli naraka.” Ceuk Batara Kresna.
“ Na keur naon atuh Gusti Alloh nyieun naraka ari kitu mah Kakang Batara ?” ceuk Aswatama bari nyereng.
Batara Kresna gogodeg.
“ Kahiji keur jelema anu nepika maotna teu boga iman, kaduana keur ngahukuman jelema anu iman tapi baroga dosa samangsa hirupna,” tembal Batara Kresna.
Si Cepot norojol.
“ Dijait tina naraka panginten anu gaduh iman mah, Sun,” ceuk Si Cepot.
Batara Kresna malik ka Si Cepot.
“ Tangtu, malah dina hiji hadis, sugan-jeung sugan ieu hadis soheh lantaran kawula teu apal sanadna. Pangpandeurna jalma anu diangkat tina naraka teh ngarana Hanad. Lanataran imanna ngan ukur kekebul, saratus taun hirupna doraka jeung doraka wae tapi ngan dedetikan rek maotna manehna iman,” ceuk Batara Kresna sanggeus Salasa Subuh ngadangukeun pangajian Ihya Ulumudinna Ustadz Mama Koko.
“ Na urang mana Si Hanad teh Kakang Prabu ?” ceuk Aswatama.
“ Teuing urangmana, teuing timana,” tembal Batara Kresna.
Si Cepot unggut-unggutan.
“ Untung ngaran uing Cepot alin Sanad,” ceuk Si Cepot.
Batara Kresna ngusap dana.
“ Dijaman Rosulullah, aya Sobat Kangjeng Nabi menta supaya manehna anu jadi Si Sanad. Rasululloh nanya ka eta Sobat Nabi, naha anjeun make hayang jadi Si Sanad, padahal Si Sanad teh jalma pangpandeurina pisan dijait ti naraka ? Eta Sobat Nabi pok ngajawab. Ya Rasulollah, Si Sanad mah parantos jelas dijait ti narakana. Pribados mah tacan puguh dijait ti naraka.” Ceuk Batara Kresna.
Aswatama ngahuleng.
“ Boa sia Tama anu teu dijait teh. Pagawean mitnah, nuding ka batur.” Ceuk Si Cepot.
Aswatama meneleng.
“ Paling ge sia,Pot,” cenah.
“ Sia !”
“ Sia !”
Ger Si Cepot jeung Aswatama galungan marebutkeun paisan kosong.
Kombayana lumpat atug-atugan.
“ Ajowwwwww, marebutkeun naon ari nyaneh. Can puguh maraneh teh abus ka naraka, paling oge Ama,” ceuk Kombayana. Anu keur galungan eureun bari arengap engapan.
Batara Kresna ngagelenyu imut bari terus indit.
“ Har, na enya Ama hayang ka naraka ?” ceuk Si Cepot.
“ Nya ari kahayang mah ngan ukur malipir we ka naraka bari terus leumpang ka surga,” tembal Kombayana.
Si Cepot ngahaleuang.
“ Ilahiilas tulil Firdausi ahla alal ahwa ala naaril jahiima, fahabli taubatan faghfir dunuubi, fainna kagoofiriddambil adiimi, tarobat euy, tarobat, ulah sing polotot kana dunya wae….euy !” cenah bari terus wudu rek solat Ashar *).