Rekaan: Ruddy Asyarie
Dina usum Pilkada di nagara Kiskenda, cekcok geus biasa, panyaho-nyaho geus biasa, pahareup hareup nyarita geus biasa. Anu teu biasa mah ngagorengkeun batur anu teu ngagupayan kamanehna.
“ Ngagorengna ulah kujalantah atuh, matak kolesterol, kembung mules tuntungna darting,” ceuk Si Dewala ka Si Gareng, adina anu gede ambek. Sapopoena nyangka goreng we ka Pamarentah Kiskenda.
“ Geus puguh goreng, hayoh we diomongkeun, atuh jadina urang anu disebut goreng,” ceuk Si Dewala.
“ Ari koropsi ?” Si Gareng nyereng.
“ Aya tukangna, make urang anu pipilueun ngewa,” tembal tembal Si
Dewala.
“ Penyelewengan, proyek fiktif ?”
“ Aya tukangna, tukang ngomean atawa tukang numpes,”
“ APBD dipake kampanye ?”
“ Aya tukangna da puguh oge urang mah rahayat moal bisa ngagulak-gilek,”
“ Ari tukangna cicing ?” ceuk Si Gareng.
“ Eta hartina fitnah, puguh we euweuh nanaon hayoh ditaruding maling,” tembal Si Dewala.
Torojol Si Cepot.
“ Bewara, ayeuna geus aya owalisi ku ngahijina Owa, Lutung, Simpanse, Gorila jeung cocodot,” kitu ceuk Si Cepot.
“ Lamun teu salah, Koalisi lain Owalisi,” ceuk Si Gareng.
“ Koalisi mah di nagara Cina, kumpulan akang-akang, lamun kumpulan nyai-nyai Encilisi. Apan ieu mah dinagara moyet jadi disebut Owalisi,” tembal Si Cepot.
Lurah Semar babatukan.
“ Montong ngaheureuykeun babacaan, bisi dibui,” ceuk Lurah Semar.
“ Can pernah aya Dalang ngulinkeun wayang dibui. Lamun dalang pulitik ngulinkeun rahayat tah eta anu kudu dibui mah,” ceuk Si Gareng.
Lurah Semar gogodek.
“ Bisa aeeeeeee, dasar anak dedemit,” ceuk Lurah Semar.
Si Cepot nenjrag taneuh.
“ Hoyah, anakna dedemit….ari bapana naon, orowodol, ?” ceuk Si Cepot.
Lurah Semar manyun.
“ Nya bapa dedemit onyon,” ceuk Lurah Semar bari indit, nyingkahan anak-anakna.
Jilg Gaot Kaca turun tina hateup saung sawah.
“ Nagara Kiskenda baris ngalaman karamean dina ieu Pilkada, lantaran geus aya Owalisi ngalawan Uwaacep,” ceuk Gatot Kaca.
Si Cepot mesem.
“ Naha Agan Kaca make ngiring ngabodor ?” ceuk Si Cepot.
Gatot Kaca nyerengeh.
“ Ngareuah-reuah taun pulitik Pot. Tahun Bobodoran,” ceuk Gatot Kaca bari nenjrag bumi. Manehna ngalayang ka awang-awang rek milu ngabodor jeung kaum pulitisi anu aya di kahiyangan, *)